Monday, November 14, 2016

Bahasa Sunda Diharapkan Bisa Diterapkan Di Luar Pelajaran Sekolah

KAB SUKABUMI - Koran Jabar, Ketua MGMP (Musawarah Guru Mata Palajaran) Basa Sunda SMA Kota Sukabumi, Yayan Ridwan ngaharepkeun, Basa Sunda sangkan diajarkeun di luar lingkungan sakola, saperti di lingkungan kulawarga jeung sajabana. Lantaran satiap budak, dina méakkeun waktu dina saban poéna téh leuwih réa jeung kulawarga tibatan di sakola, sarta budak ogé baris leuwih gancang nyerep jeung paham kana Basa Sunda sacara hadé jeung bener. Sabab palajaran Basa Sunda di satiap sakola mah, dina danget ieu téh ngan ukur diajarkeun saliwat.

Salajuna ngaharepkeun, sangkan métodeu pangajaran Basa Sunda téh, bisa diterapkeun di TK (Taman Kanak-Kanak) nepi ka Paguron Luhur, saperti di TK PGRI Citamiang. Anapon maksud jeung tujuanana, supaya Basa Sunda téh bisa diraksa jeung diriksa sarta bisa dimumulé sacara daria jeung hadé, luyu jeung harepan sakumna pihak.

Nyigeung ngeunaan jumlah Guru Basa Sunda di SMA Negri jeung SMA Swasta di Kota Sukabumi, danget ieu jumlahna ngan ukur aya 27 urang, nya éta di SMA Negri 11 urang, jeung di SMA Swasta 16 urang. Jumlah éta Guru téh diajén masih kurang, utamana di SMA Swasta, lantaran di SMA Swasta mah rata-rata ngan ukur aya saurang. Malah aya Guru Honorér Basa Sunda di sala sahiji SMA Negri, anu ngarangkep ngajar di SMA séjén, sarta aya ogé Kapala Sakola di SMA Swasta, anu ngarangkep ngajar Basa Sunda.

Sedengkeun Ketua MGMP Basa Sunda SMP Kota Sukabumi, Irpan Maulana ngajelaskeun, kamampuhan budak SMP di Kota Sukabumi dina ngagunakeun Basa Sunda, danget ieu ngan ukur 40 peresén, lantaran réa budak anu ngarasa sulit ngawasa Basa Sunda, sarta leuwih réa budak anu ngagunakeun Basa Indonésia. Ěta masalah téh kudu diungkulan satékah polah ku sakumna pihak, boh ku Guru Basa Sunda boh ku kulawargana séwang-séwangan, malah mandar satiap budak téh leuwih wani ngagunakeun Basa Sunda sacara hadé jeung bener.

Saterusna dijelaskeun, jumlah Guru Basa Sunda di SMP Negri jeung SMP Swasta di Kota Sukabumi, sagemblengna aya 70 urang, nya éta di SMP Negri aya 28 urang, jeung di SMP Swasta aya 42 urang, kitu gé anu aktif di MGMP mah ngan ukur aya 35 urang. Ěta jumlah Guru téh masih kénéh kurang, lantaran pikeun di satiap SMP Negri ogé saeutikna kudu aya 2 urang. Ngan dina kanyataanana mah masih kénéh réa SMP Negri anu kakurangan Guru Basa Sunda. Lian ti éta, ogé réa Guru Basa Sunda di SMP Negri anu rék purna bhakti atawa pangsiun. Malah di SMP Swasta mah, aya saurang Guru Basa Sunda anu ngajar di 3 SMP.

Boh Ketua MGMP Basa Sunda SMA Kota Sukabumi boh Ketua MGMP Basa Sunda SMP Kota Sukabumi ngaharepkeun, ku diterapkeunana Kurtilas (Kurikulum Taun 2013) di satiap wewengkon Kota jeung Kabupatén di Indonésia téh, palajaran Basa Sunda di satiap SMA jeung SMP hususna di Kota Sukabumi, bisa dicalagarakeun leuwih daria jeung leuwih hadé deui. ***RED

No comments:
Write komentar

Powered by Blogger.

Sponsor

Video Of Day

Flickr Images